Kamis, 07 Juni 2012

Contoh Pidato Singkat Bahasa Sunda

Pidato Singkat Bahasa Sunda -  Kali ini saya akan update artikel terbaru lagi di blog disimpan.com ini, Nah, sobat Bingung membuat pidato dalam basa sunda ?. Berikut ini disimpan.com akan memberikan contoh pidato singkat yang semuanya menggunakan sunda sebagai bahasa pengantarnya. Semua naskah tentang kehidupan siswa seperti pendidikan, perpisahan,  lingkungan, kebersihan dan lain sebagainya. Anda bisa mempelajari bagaimana cara membuatnya, mengeditnya… tapi sebaiknya jangan copy paste ya, nanti nggak bagus untuk pendidikan anda nantinya untuk masa depan.

Iya kan! Coba bayangkan jika anda sudah dewasa masak dan ada hal yang mengharuskan anda membuat pidato dalam bahasa sunda. Masak copy paste dari blog disimpan.com lagi ?? . Jadi gunakan semua contoh dibawah ini sebagai referensi anda dalam pembuatan pidato singkat basa sunda. Sebenarnya nggak susah kok dalam pembuatannya, kalau anda sudah terbiasa dan sering membuat teks / naskah pidato, pastinya hal itu menjadi biasa dan mungkin anda akan ahli dalam pembuatannya.





contoh pidato sunda
Memang sekarang ini susah sekali menemukan orang yang cakap dalam membuat pidato singkat menggunakan bahasa pengantar sunda. Ini karena orang kebanyakan sering menggunakan bahasa indonesia. Maka daripada itu sekarang siswa digencarkan untuk belajar pembuatan pidato dalam bahasa daerah,

Baiklah sekarang bro dan sis sudah kegunaan, lebih baik langsung saja kita ke contoh nya saja…
Pidato singkat perpisahan dalam bahasa sunda
Assalamualaikum wr. wb
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru Sekolah Unsilster seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.
Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.
Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna. Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.
Para Ibu Bapak sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.
Para Ibu Bapak sadaya kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah. Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.
Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.
Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang.
Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.
Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.
Masih kurang berikut juga kami sediakan video pidato singkat dalam bahasa sunda
<
Pidato singkat bahsa sunda tentang pendidikan
NGAMUMUK KANDAGA BUDAYA SUNDA
Assalamualaikum Wr.Wb.
Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh oge sami “ Jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur pisan seni budaya.
Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda.
Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade bantun tema “ Ngala lele kasamawa meunang dua, ngamumule kandaga Budaya Sunda”.
Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia.
Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng.., bress…, hebat euy.
Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling kabawa angin peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah kana bayah, kendang penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya , utamina di tatar sunda kango urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya Sunda ari urang teu resep, teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda.
Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana undak usukna basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang.
Urang Jepang bisa nyieun pedang, urang reureus bisa nyieun jodang, tong mangmang tong hariwang kang Darso ge bisa hirup senang.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Contoh Pidato Bahasa Sunda Tema Kebersihan Lingkungan
Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun…
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

0 komentar:

Dí lo que piensas...